~/blog
~/blog$ render faiz.blog.pérsib-juara

Pérsib Juara

Tuesday, 30 December 2014 23:39:47 WIB | tags: memory, persib | 933 hits | 0 comment(s)

Tos lila pisan kajadiana téh, 7 Nopémber 2014 tapi euforia na téh teu béak waé. Pangalaman kahiji Abdi sacara sadar lalajo Pérsib di tv basa Pérsib dilatih ku Marék Sledzianowski basa éta bobotoh protés kusabab di mimiti kompetisi Pérsib éléh waé. Abdi lalajo Pérsib kahiji di Stadion Siliwangi basa Pérsib ngalawan Pérsiba Balikpapan. Pérsib unggul 5-1. Basa éta abdi lalajo sorangan kusabab teu aya nu badé ngabaturan…

Tiap taun abdi ngaharepkeun Pérsib kenging juara Liga Indonésia, nembé taun ieu harepana dikabulkeun. Taun ieu abdi teu pernah lalajo Pérsib maén di liga langsung di stadion. Abdi ngan lalajo Pérsib basa maen di fase grup Inter Island Cup sareng basa Pérsib ngayakeun tanding lawan Malaysia Selection di Stadion GBLA. Taun ieu ti mimiti awal kompetisi Pérsib nunjukkeun permainan goreng, tapi saatosna Pérsib tiasa ngapepeskeun rekor goréng lamun maén di kandang lawan. Nepi babak 8 besar, semifinal sareng final akhirna Pérsib kénging juara. Tapi abdimah leuwih panik basa Pérsib di semifinal ngalawan Aréma dibanding di final ngalawan Pérsipura. Basa ngalawan Aréma abdi teu tiasa cicing, gogorowokan waé. Lamun ngalawan Pérsipura abdi mah cicing waé sareng nyieun nazar.

Achmad Jufrianto mastikeun Pérsib juara ti babak adu pinalti. Abdi langsung gogorowokan, salajengna abdi ngilu konvoy nepi ka calik di luhur mobil batur kukulilingan di Kota Bandung.

Tapi abdi leuwih muringhal basa ningal langsung trofi ISL pas diarak. Abdi ningal pahlawan urang Bandung anu mawa balik trofi ka Bandung.

Comments

Be the first to comment!

Give Comments









* required fields

Sending comment...

~/blog$ shortcuts: > Notes and > Faiz?